tolong buatkan kalimat bhs sunda dgn kata bantu ; 1. hiber = ngapung 2. muter = muih 3. tarung = ngadu jajaten 4. jiga = kawas 5. seueur = loba 6. beurat = abot
B. Daerah
gatsseno
Pertanyaan
tolong buatkan kalimat bhs sunda dgn kata bantu ;
1. hiber = ngapung
2. muter = muih
3. tarung = ngadu jajaten
4. jiga = kawas
5. seueur = loba
6. beurat = abot
7. anggel = bantal
8. anggeus = rengse
9. diangkir = diondang
10. dianteurkeun = dijajapkeun
ditunggu ya, trims sebelumnya
1. hiber = ngapung
2. muter = muih
3. tarung = ngadu jajaten
4. jiga = kawas
5. seueur = loba
6. beurat = abot
7. anggel = bantal
8. anggeus = rengse
9. diangkir = diondang
10. dianteurkeun = dijajapkeun
ditunggu ya, trims sebelumnya
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
1. Hiber artinya terbang. Contoh kalimatnya : Manuk anu kamari nguyung teh ayeuna mah geus jagjag, geus bisa hiber deui ngepakkeun jangjangna.
2. Muter artinya berputar. Contoh kalimatnya : Sanggeus jalan satapak nu ngaliwatan sawah ditutup, ayeuna lamun rek ka pasar teh jadi leuwih jauh, sabab kudu muter hula lewat ka jalan gede.
3. Tarung artinya bertarung. Contoh kalimatnya : Lamun nenjo tarung bagong jeung anjing teh sok karunya ka bagongna, sabab bagongna ngan hiji, sedengkeun anjingna nu sakitu lobana.
4. Jiga artinya seperti. Contoh kalimatnya : Tadi beurang teh jiga rek hujan geus ceudeum, tapi henteu jadi hujan, meureun kaanginkeun sabab tadi anginna ngagelebug gede pisan.
5. Seueur artinya banyak. Contoh kalimatnya : Kaleresan tadi mah seueur nu sumping ngiringan rapat RW teh, janten sagalarupi masalah tiasa dibahas.
6. Beurat artinya berat. Contoh kalimatnya : Eta meja teh kacida beurat pisan, mun ku duaan mah sigana moal kaangkat.
7. Anggel artinya bantal. Contoh kalimatnya : Pa, eta kulem teh kedah nganggo anggel atuh, supados raos sareng tibra kulemna.
8. Anggeus artinya selesai. Contoh kalimatnya : Lamun can anggeus digawena, ulah waka istirahat heula atuh.
9. Diangkir artinya diundang. Contoh kalimatnya : Saleresna nu diangkir kana rapat RW teh seueur, tapi nu sumping mung saalit.
10. Dianteurkeun artinya diantarkan. Contoh kalimatnya : Eta budak teh balikna kudu dianteurkeun, karunya bisi sasab balik sorangan mah.