B. Daerah

Pertanyaan

Teangan sinonimna tina kecap kecap di handap sarra jieun jadi kalimah
-babari
-beunghar
-remen
-loba
-cageur
-getol
-begang
-gancang
-èra
-kawas

1 Jawaban

  • Neangan sinonim kecap nyaeta neangan sasaruan hiji kecap nu aya dina hiji basa. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina neangan sinonim hiji kecap alusna mah mangrupa kecap nu sarua ragam basana, sabab lamun ragam basana beda tangtu kalimahna oge bisa beda. Tapi kadang aya kecap nu teu miboga sinonim dina ragam basa nu sarua.

    Pembahasan

    Aturan ngeunaan ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda, anu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda. Pikeun ngajawab pananya di luhur di handap ieu nyaeta sinonim tina kecap kecap nu ditanyakeun sarta conto kalimahna dina ragam basa nu saluyu jeung ragam basa nu dipiboga ku unggal eta kecap:

    1. Babari = gampil, Soal matematika eta mah babari/gampil pisan atuh
    2. Beunghar = jegud, Maneh lamun geus beunghar/jegut ulah sok poho ka babaturan teh
    3. Remen = mindeng, Baheula mah manehna teh sok remen/mindeng ulin ka imah kuring
    4. Loba = rea, Aya naon eta di luar teh loba/rea jelema nu ngariung
    5. Cageur = waras, Nya sukur atuh ari maneh cegeur/waras mah di pangumbaraan teh
    6. Getol = rajin, Hidep teh kudu sing getol/rajin diajar supaya pinter
    7. Begang = kuru, Eta karunya mang Sapri teh awakna meuni begang/kuru kitu
    8. Gancang = geuwat, enggal, Lamun maneh hayang dahar gancang/geuwat ka dieu (Upami anjeun hoyong tuang enggal ka dieu)
    9. Era = wirang, isin, Pa Amat ngarasa era/wirang ku kalakuan goreng budakna (Pa Amat ngaraos isin ku kalakuan awon putrana)  
    10. Kawas = siga, Eta hayam nu koneng teh kawas/siga hayam nu si Amir nya?

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Neangan sinonim kecap

Pertanyaan Lainnya